Mun Datang Waktu Peuting

Posted by Baraya alumni SMEA/SMKN 1 on 23.44

Da angguer ari geus datang peuting,
hate teh sok tara daek cicing,
sakapeung hayang ngahariring
hariring kuring kaasih nu can kapanggih,
sakapeung hate teh kalah sok hareudang loba kameulang,
kameulang ngudag ngudag kalangkang nu can pasti kateang,
sakapeung hate limpeuran milang milang lamunan,
sakapeung hate asa lungse nyangsaya teu walakaya
cape nikreuh diudag udag kaayaan,
sakapeung karasa perih kukaseudih,
ras kana diri can bisa nyumponan kawajiban,
sakapeung ngarasa geumpeur ku umur nungguan pati cacap umur ti Gusti,
sakapeung wegah ngalengkah pilampaheun,
antukna sok kalah pasea diri sorangan,
silih bintih kahayang jeung kanyataan sili pacokan ,
duh Gusti hampura abdi, anteur abdi supaya eling,