Teu Tisasari

Posted by Baraya alumni SMEA/SMKN 1 on 23.47

Teu tisasari ieu peuting,
diri ngarasa gulinggasahan,
cuang cieung ngarasa keueung harianeun anjeun,
teu aya kalangkang kalangangna acan,
Ngalanglayung satungtung can tepung, ngarasa jauh, melang ku hariwang,
Piligenti dina ati, silih bintih nurih kapeurih
ngarumasa lampah nu salah rumaos tos tega basa,
Nya ayeuna ukur tinggal kaduhung,
palangsiang boa salah diri,
kumawani ngalalawora sanajan ukur basa,
nya ayeuna pisan maksa sasadu bilih bendu,
lampah diri,
Sanajan melang teu bisa dikumaha
ukur du’a nu nganteur Kahatur pidu’a
mugia bagja salalawasna