Ci Hujan

Posted by Baraya alumni SMEA/SMKN 1 on 23.42

Kiwari .. curuluk cai hujan, kawas nu ngabejaan, miripis na girimis asa ngageurihan muntang hariwang, naha imutna beut teu raat raat, teu wasa nahan rasa, nyangsaya nampeurkeun katineung,

sok sanajan anjuen datang ukur sakolepat naha beut aya duriat, ninggalkeun tapak dina lamunan, bagja anu kacipta, saumpama anjuen aya, palangsiang geuning urang paanggang can tangtu bakal kasorang urang tepang, teu wasa kalah kasura tunggara, Hariwang ku kalangkang nu can kasorang,

milang milang kalangkang iraha bakal datang, iraha rek saat ieu kahariwang, iraha rek raat ieu kameulang, geuning karasa rahuetna, karasa nyugakna, nanceub ngagurat bengbat, gulinggasahan ngagugulung kasono, iraha atuh uraung tiasa TEPANG ….. wasalam.