Hayang Kawin Deui
hiji mangsa kulantaran di tempat gawena ngan nga hule'ng jentul paling-paling asup kana Facebook kana thread janda kembang, nya lami-lami ngaruy janten hoyong nambihan istri, jadi kereteg aya niat mun balik ka imah rek wakca ka pamajikan yen hayang nambih istri, da kaleure'san istri na teh sholehah nurut ka caroge teu cohag ah pokonamah pi kayungyuneun weh, singke't carita dugi weh ka bumi na.
- Papah : mah kadieu geura sake'dap
- Mamah : aya pikeursaeun naon pah
- Papah : mamah nu sholeh, nugeulis papah teh bade nyuhunkeun widi.
- Mamah : nyuhunkeun widi bade kamana
- Papah : sanes eta mah, papah teh hoyong nikah deui ( bari arap ap eureup eup)
- Mamah : ( Rada nga geubeug tapi tetep imut ) Nikah deui pah!!!
- Papah : mu mu muhun mah..
- Mamah : Atos aya calon na
- Papah : atos mah kenging kenalan dina internet
- Mamah : atuh heug ngan aya saratna pah, aya 3 sarat na teh ka 1 papah kedah tiasa adil ka 2 papah kedah nyakolakeun budak nepi ka jadi sarjana
- Papah : ( geus atoh pisan ) muhun mah bade, bade mah, ari nu ka 3 naon mah
- Mamah : nu ka 3 Lengkahaan heula siah bangke aing kehed
0 Responses to "Hayang Kawin Deui"
Leave A Comment :